Jang,, hirup teh teu gampang,
teu cukup ku di pikiran,
bari kudu dilakonan.
Jang,, jalan kahirupan,
hente sapanjang na datar,
aya mudun jeng tanjakan..
Kudu sabar dina kurang,
ulah nepak dada benghar,
salawas na kudu syukur,
eling ka nu maha agung,
kade hidep bisi kufur...
Jang,, sing jadi jalma hade,
sing jadi jalma gede,
benghar harta jembar hate.
Jang,, hidep sing ngajalma,
turut parentah agama, ulah jauh ti ulama.
Nyobat sareng ahli tobat,
dalit sareng para kyai,
hirup kena ku owah isin,
ngarah aya nu ngageuing,
mangsa lengkah ninggang salah.
** Sing pinter tur bener,
sing jujur tong bohong,
ulah nganyeriken batur,
ngarah hirup loba dulur.
Rasa, ucap, lampah,
tekad jeng tabe'at,
ngarah pinanggih bagia,
salamet dunia akherat,
jang,, jang sing jadi jalma sholeh...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar